LIRIK LAGU ALAM CIKUYA


Lagu Alam Cikuya
By: Tonggeret Ti Pakidulan


mangsa lawas alam nu henteu kasawang
ukur tegal harendong katembong
mapay mapay jalan ngan satapak..satapak

harita endahna tacan kariksa
kiwari nu daratang rea pisan
katumbiri tos narembongan
cikuya katelahna..

reff
cikuya..kebon teh nu hejo ngemploh
matak betah ku anu nempo
cikuya..lebak damar jeung curugna
di papaes reang  tonggeretna

tutug curug nyaweran kacinta
cur cor nembongkeun rasa kaasih
matak hegar kana manah
wisata alam cikuya...