JANGJAWOKAN DI LEBAK KIDUL (JAMPE NGANJANG)


JAMPE NGANJANG

Si Semar datang

Si Togog puyuh gumuyuh

sangkan hewan sangkan mati 

ngaran talaga di cai

sabulan meunang ngaherang

dua mana ngalenggang

tilu mana gumulung

opat mangrupa, limana usik 

genep bulan kumuruloh 

tujuh bulan jaga nata

dalapan bulan conggeang 

nu larang malik ka handap

salapan bulan godebag

godebag ka mata sare 

ao tandana rupana 

Si Risih Si Marangasih 

Si Rasah Si Manaranewa 

seuweu ratu komo irut

seuweu menak sacakan sewa dewata 

komo lulut komo anut

komo welas komo asih ka awaking 

awaking gejleg sorangan


(Sumber: Dari Lima Abad Sastra Sunda karya Wahyu Wibisana, dkk.)

Post a Comment for "JANGJAWOKAN DI LEBAK KIDUL (JAMPE NGANJANG)"