RAJAH PAMUKA dan KIDUNG PANGLOKAT


RAJAH dilakukan untuk memberi kan hormat kepada roh - roh leluhur, diundang hadir dalam doa kita dan berkomunikasi. Sangat beda dengan apa yang Rajah / Rajahan kalau di Bali, kalau rajahan di Bali lebih kepada gambar - gambar tertentu yang mengandung atau diberi kekuatan magis tergantung keinginan yang meminta. 

Berikut ini adalah Syair RAJAH PAMUKA dan KIDUNG PANGLOKAT

RAJAH PAMUKA

Sampurasun.....

Amit ampun nya paralun, ka gusti nu maha suci....

neda pangjiad pangraksa abdi keumpeul Seuweu Siwi...

Seja ngaguar Laratan...titis waris Padjajaran

ngembatkeun jalan Laratan katampian Geusan mandi

ka Leuwi Sipatahunan, Leuwi nu ngaruncang diri diri manusa kiwari

rek muru lulurung tujuh ngahiap ka padjajaran

bongan hayang pulang anting

Padungdengan padungdengan jeung usikna pangacian

ahung...ahung....ahung....

Sampurasun karumuhun ka Hyang Prabu Siliwangi...

nu murba di Padjajaran..pangaoban Seuweu Siwi

nu Gelar di Tatar Sunda

muga nyebarkeun wawangi...

ahung....ahung....ahung....


KIDUNG PANGLOKAT

Run turun ,bayu tresna, bayu asih...

bayu mawa Kawaluyaan..

bayu mawa Kaelingan, Sakur nu kaliliwatan...

Sakur nu katitincakan.

Ku urang buka tutungkusan nu kahalang, kupipinding

Dina gebang sewu lontar...dina tulis titis tulis maca uga na waruga

atra setra kanti suksma...

run turun Jati Rahayu

Gelaran banjaran bagja

....cag...Rampes...


Lebih jelasnya, silahkan saksikan tayangan video berikut:





Post a Comment for "RAJAH PAMUKA dan KIDUNG PANGLOKAT"