Rumpaka (Lirik) Kawih-Kawih (Lagu-Lagu) Sunda Ida Rosida

10 Lirik Lagu Sunda Populer Kacapi Suling Ida Rosida:
(1). Asih Abadi (2). Di Langit Bandung Bulan keur Mayungan (3). Angin Priangan (4). Anggrek Japati (5). Kembang Balebat (6). Kembang Impian (7). Panon Poe Jadi Saksina (8). Peuting Jeung Pangharepan (9). Sulaya Jangji (10). Salmepay Sutra

1. Asih Abadi
Keterangan Album :
Genre : Kacapi Suling
Album : Beca
Sinden / Penyanyi : Ida Rosida, U. Warliah, Nia Henrita, Taty Saleh.
Kecapi : Tatang Benyamin
Pimpinan : Mang Koko
Pirigan Gamelan : Seni Sunda Ganda Mekar
Produksi : Whijaya Record.

Rumpaka:
Sajuringkang lemah putih
Tatapakan ngeureut getih
Nya didinya awor asih
Neundeun harepan nyeungceum angkeuhan
Dina galindengna kawih
Asih tumekaning batin
nyaah tinandung na nyawa

Demi lautan katut ombak na
Demi daratan katut gunung na
Ditapel wates ngajadi
Ngajalan jati waruga

2. Di Langit Bandung Bulan Keur Mayungan

Jangjang peuting geus ngalingkup
Ngarungkupan dayeuh Bandung
Anu hibar sinar lampu
Panto ati geus narutup
Mipindingan kawih asih
Anu halon tur halimpu

Geus paanggang geuning urang pajauh
Rék ka saha diri nyungkem nyaluuh
Nu disungsi geuning nu ditéangan
Duh ieung teu témbong-témbong
Geuning taya ngiberan

Reff.

Di lalangit langit Bandung
Ngempur hurung bulan keur mayung
Di lelemah lemah Bandung
Kapidangdung 2x diri di tundung

Di lalangit langit Bandung
Ngempur hurung bulan keur mayung
Di lelemah lemah Bandung
Kapidangdung 2x diri di tundung

>>>>>Intro<<<<<

Jangjang peuting geus ngalingkup
Ngarungkupan dayeuh Bandung
Anu hibar sinar lampu
Panto ati geus narutup
Mipindingan kawih asih
Anu halon tur halimpu

Geus paanggang geuning urang pajauh
Rék ka saha diri nyungkem nyaluuh
Nu disungsi geuning nu ditéangan
Duh ieung teu témbong-témbong
Geuning taya ngiberan

Reff.

Di lalangit langit Bandung
Ngempur hurung bulan keur mayung
Di lelemah lemah Bandung
Kapidangdung 2x diri di tundung

Di lalangit langit Bandung
Ngempur hurung bulan keur mayung
Di lelemah lemah Bandung
Kapidangdung 2x diri di tundung


3. Angin Priangan
Seungit angin Priangan
Ngusapan embun-embunan duh embun-embunan
Hawar-hawar rerendahan ngahariring
Ayun ambing ayun ambing

Seungit angin kahyangan
Sumerepna lelembutan duh na lelembutan
Hawar-hawar rerendahan ngahariring
Eling-eling mangka eling

Dengkleung dengdek deungkleung dengdek sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah wasiat tanah duriat
Anu matak tibelat na raraosan

Dengkleung dengdek deungkleung dengdek sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah katresna jati sarakan
Anu tetep marengan na lelembutan

4. Anggrek Japati

Anggrek japati na cangkring keur karembangan
Sisi wahangan barodas
Kareta api geus datang sinyal geus muka
Reg di Stoplas Cibodas

Gupay... gupay anaking
Gupay gupay digupaykeun ti manehna
Reumbay.. reumbay anaking
Reumbay na nginjeum cipanon ti maneh na

5. Kembang Balebat

Bagea kembang balebat
Di taman mandala purwa
Naon bacaeun ayeuna
Maca beurang ku beurangna
Ngaji peuting ku peutingna
Deresan na papantunan

Da hirup ngan sakolebat
Diudag udag balebat
Ditutur tutur ku layung
Ngalungsar di perjalanan
Engke atawa isukan
Saha nu terang

Bagea kembang balebat
Di taman mandala purwa
Naon bacaeun ayeuna
Maca beurang ku beurangna
Ngaji peuting ku peutingna
Deresan na papantunan

Da hirup ngan sakolebat
Diudag udag balebat
Ditutur tutur ku layung
Ngalungsar di perjalanan
Engke atawa isukan
Saha nu terang


6. Kembang Impian
Antara lolongkrang kiceup
Urang pateuteup
Bulan pias
Enteupna lalangsé kayas

Kaca jandéla nu muka
Kaca katresna nu muka
Peuting téh teuing ku jempling
Asih téh teuing ku wening

Pangharepan lir laut nu jero
Teu katepi ku sora panggero
Urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
Urang tataran ku karep jeung pangharepan

Tong teuing ngedalkeun lisan
Urang guneman
Na ciptaan
Bagja deukeut patémbongan

Geter ti ati ka ati
Hiber jadina pasini
Saranggeuy kembang impian
Sungkemeun kana lahunan

7. Panon Poe Jadi Saksina
Tuh panon poe saksina
Jeung alam katut eusina
Malah bentang anu peuting
Baranang gigireun bulan

Pada milu mencrong melong
kabeh pada nyaraksian
Pada milu mencrong melong
kabeh pada nyaraksian
Duh Gusti pada nyaksian

Basa manehna keur wakca
Ngedalkeun eusi hatena
Kuring kapaksa percaya

Masrahkeun raga jeung nyawa aduh...
Haté katut jeung eusina
Aduh walungan jadi saksina, jadi saksina
Hate katut jeung eusina
Walungan duh... jadi saksina
Tuh panon poe saksina
Jeung alam katut eusina

Malah bentang anu peuting
Baranang gigireun bulan
Pada milu mencrong melong
kabeh pada nyaraksian
Pada milu mencrong melong

kabeh pada nyaraksian
Duh Gusti pada nyaksian
Basa manehna keur wakca
Ngedalkeun eusi hatena
Kuring kapaksa percaya
Masrahkeun raga jeung nyawa aduh...

hate katut jeung eusina
Aduh walungan jadi saksina, jadi saksina
hate katut jeung eusina
Walungan duh... jadi saksina


8. Peuting Jeung Pangharepan

Jep! Angin entong nyoara
Bongan henteu mawa beja
Geus bentang, ulah ngiceupan
Bongan teu mawa titipan

Mega anggur geura leumpang
Pek pindingan itu bulan
Bongan neuteup ti tatadi
Tapi henteu mawa jangji

Duh peuting ku teungteuingeun
Datang ukur mawa keueung
Henteu ngirim pangharepan
Henteu beja-beja acan

Boro lila ditungguan
Sugan anjeun babawaan
Datang mawa pihapean
Talatah iber jungjunan

Duh untung mun boga jangjang
Rek hiber arek diteang
Hayang buru-buru terang
Katineung nu didagoan

Hayang meunang kacindekan
Anu jadi panyileukan
Naha baris kalakonan
Atawa ukur impian

9. Sulaya Jangji
harita waktu kuring jeung salira
medar janji pasini arek ngahiji
harita anjeun sumpah rek setia
moal arek lanca-linci dina janji

tapi ayeuna anjeun ges katingal beda
siga nu teu boga rasa boga janji
tapia yeuna anjeun ges teu mirosea
ka abdi nu salamina nganti-nganti

naha anjeun tega bisa jalir kana janji
nu cenah moal pukah dei
boro mah percaya anjeun wakca rek satia
majar rek micinta salamina

naha atuh bet janji
lamun bakal nga nyenyeri
ulah ngan ukur carita
ngan saukur ngabibita

tega anjeun sulaya
hate kuring nu kasiksa
naon atuh lepat abdi ka salira

duh Gusti kiatkeun abdi
teu abdi nahan ka nyeri
naha anjeun tega bisa jalir kana janji
nu cenah moal pukah dei
boro mah percaya anjeun wakca rek satia
majar rek micinta salamina

Reff :

naha atuh bet janji
lamun bakal nga nyenyeri
ulah ngan ukur carita
ngan saukur ngabibita

tega anjeun sulaya
hate kuring nu kasiksa
naon atuh lepat abdi ka salira

naha atuh bet janji
lamun bakal nga nyenyeri
ulah ngan ukur carita
ngan saukur ngabibita

tega anjeun sulaya
hate kuring nu kasiksa
naon atuh lepat abdi ka salira

duh Gusti kiatkeun abdi
teu abdi nahan ka nyeri

10. Salmepay Sutra
Salempay sutra
Disulam jeung dikarawang
Tawis soca ti jungjunan
Duh ti jungjunan

Salempay sutra
Disulam mangrupa kembang
Tawis asih ti kakasih
Duh ti kakasih

Ngaraketkeun hubungan batin duaan
Mupus waswas jeung cangcaya
Dijuruna disulam ngaran singgetan
Ngaran kuring jeung manehna

Salempay sutra
Disulam jeung dikarawang
Tawis soca ti jungjunan
Duh ti jungjunan

Hiji tawis soca deuh salempay sutra
Jadi jimat pangreugreug ati
Disulam narawang deuh salempay sutra
Geuning ngidem harepan

Salempay sutra
Disulam mangrupa kembang
Tawis asih ti kakasih
Duh ti kakasih

Post a Comment for "Rumpaka (Lirik) Kawih-Kawih (Lagu-Lagu) Sunda Ida Rosida"