Pupuh KSAD (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula)


Pupuh Kinanti (Laras: Salendro)

Budak leutik bisa ngapung
Babakuna tengah peuting
Ngalayang kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon baé nu kapanggih


Pupuh Sinom (Laras: Madenda)

warna-warna lauk empang

aya nu sami jeung pingping

pagulung patumpang-tumpang

ratna rengganis ningali

warna ning lauk cai

lalawas pating suruwuk

sepat pating karocepat

Julung-julung ngajalingjing

sisi balong balingbing sisi balungbang


Pupuh Asmarandana (Laras: Salendro)

Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan


Pupuh Dangdanggula (Laras: Pelog)

Mega beureum surupna geus burit, 

ngalanglayung panas pipikiran, 

cikur jangkung jahé konéng 

naha teu palay tepung

sim abdi mah ngabeunying leutik, 

ari ras cimataan, 

gedong tengah laut, 

ulah kapalang nya béla, 

paripaos gunting pameulahan gambir, 

kacipta salamina.



Post a Comment for "Pupuh KSAD (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula)"